NGARIUNG DI MALAM TAUN BARU
Oleh : Ladieza Zahira P.J
Biasanamah malam taun baruan teh tara kamana-mana jeung tara ngayakeun acara nanaon. Tapi sauih damel bibi nyandak sosis anu seeur pisan, tos Kitu mamah GE gaduheun jagong tapi lain melak da can bisa dipanen tapi jagongna jagong amis nang meser. Atos Kitu si papah Oge gaduheun lauk menang pamasihan ti rerencangan damelna lumayan seeur deuih.
Dikira-kira teh meuni seeur moal seep ku sorangan mah aya lauk, sosis, sareung jagong can ke si mamah masak liwet ongkoh. Jadi we ngageroan teh nok piwarang ka bumi te hilap GE teh Anem, teh Asti sareung Nopal ngiring ngariung, komo
mamah nta mah teu kudu di goroan GE langsung nyamperkeun jeung A Mboy na. Teu hilap Ujang Daffa GE diteang ku A Mboy sereung Nopal. Saatos sholat magrib sadayana tos karunpul di bumi, Aya nu bakar sosis, bakar jagong jeung bakar lauk.
Teu hilap liwet na ge tas asal, nya atos we TOS arasak mah langsung ngariung aremam balakecrakan, KA rasa pisan nikmat na da TOS lapar pisan ditambah emam na ngariung lamun cek teh Susy botram mah ari emam ngariung teh BOTARAM😅 . TOS sakieu Carita di malam taun baruanna mugia urang tepang deui di taun baru payun bari tur sarebat sadayana.. aminnn
Minggu,16 Februari 2025


Tidak ada komentar:
Posting Komentar
Silahkan berikan komentar yang sopan yang tidak mengandung unsur sara